Sunday, September 7, 2014

Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Belut, Ngala Supa, Ngala Tutut.

Wilujeng sumping kasadayana hatur nuhun atos mampir sareng nyempetken maca iye Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Belut, Ngala Supa, Ngala Tutut. Mugi tiasa kahibur sareng bungah. hapunten umpami jalan caritana benten sareng anu aya dibuku atawa sareng referensi lainna, sareng hapunten sateu acana iya abdi ngango bahasa sundana rada kasar, Dongeng iye cuma kanggo hiburan wungkul kasadaya pangunjung blog iye mugi kahibur.

Mangga langsung urang dimulai bae Dongeng na

Si Kabayan Ngala Belut

Abah : Kabayan pang ngalaken belut atuh nya ajang engke dahar berang soalna di imah teu aya laukna

Kabayan : Muhun abah kabayan oge kabeneran arek kasawah da bararosen di imah bae teh sakalian ke belutna di alaan abah

Abah : Tah kitu atuh kabayan ari di tah teh kudu sakali daek biasana ngedul sialing sing ka loba nya ngala belutna kabayan

Kabayan : Siap abah kabayan pasti ngala belutna loba. Loba moal kawadahan sabari seuri

mangkat we sikabayan teh leos kasawah da arek ngala belut bari mapayan galengan sawah culak cilek tepuguh, singkat carita pas nyampe kasawah, sikabayan ngacapruk sorangan. iye ari ngala belut kumaha nyah carana geningan teu katembong hiji hiji acan belutna. pusingen sikabayan harita keneh, da bingung teu ngarti cara ngala belut,  teu lila mikir geus we eta sawah di kedukan ku tanganna bari jeung acak-acakan leutak kadie kaditu pirusakaeun sawah batur iye mah, pas ngeduk-keduk borojol eta belut keur kabeneran kaluar di tewak kusikabayan teh bari jeng gabrus gabrusan di sawah teh da siuen teu beunang, bari jeng leueur oge katewak eta belutna. abah abah kabayan menang belutna bari ngomong sorangan teh padahal abah namah di imah. teu lila nyien kobakan dina sawah keneh da ajang nyimpen iye belut anu tas di tewak tadi. di anclomkeun we eta belut anu nang newak tadi kana kobakan sawah, lila teu lila sikabayan leos neangan deui teu jauh tina kobakan aya belut deui ngaliwat di tewak deui ku sikabayan, bari jeng bungah sikabayan abah abah belutna meunang dua hiji ewang jadina cenah. gabrus deui karak salangkah aya deui belutna di tewak deui menang tilu cenah, nepiken ka meunang opat belas belutna tina itungan sikabayan, padahal mah belut hiji hijina anu tadi tadi keneh leupas na kobakan nana. ngarasa ges menang loba si kabayan balik kaimah. 
Abah abah belutna geus meunang loba aya opat belas hayu urang kasawah bawa soalna laleueur belutna.

Abah : Anu beber siah kabayan. Leumpang we si abah jeng si kabayan ka sawah, cek abah teh palabah mana belutna bisaan silaing meunang loba kitu sok tembongken ka abah belutna kabayan.

Kabayan : Beneran atuh abah. Itu didinya anu aya kobakan di sawah terus maju kahareup sa eutik tah na eta abah bener

Abah : iye na iye kobakan iye lain kabayan cek abah teh, di kubek we ku abah eta kobakan eweuh hiji-hiji acan eta belutna, kan langsung harita keneh bari jeng ngambek si abah teh. woy kabayan kamarana iye belutna ari silaing, cenah meunang opat belas gening eweuh hiji oge belegug siah dasar si borokokok.

Kabayan : Ari abah kunaha malah nyarekan kabayan kan eta belut geus loba didinya kurang loba lain Abah.

Abah : Loba loba belegug siah, Kurang loba naon na huntu, sok coba caritakeun kumaha tadi maneh carana ngala belut bejakeun ka abah sok ayena abah hayang ngadenge, belegug sia kabayan

Kabayan : Euleuh euleuh si abah teh malah nyarekan kieu. yeh tadi kabayan ngala pake di keduk-keduk di rawu rawu jeung di gubek-gubek eta leutak anu disawah eh kaluar belutna terus di tewak terus nyieun kobakan di sawahna ajang ngawadahan belutna. pokonamah loba pisanlah pas beunang belutna langsung dikana kobakan keun kitu jeng kitu nepi meunang ka opat belas belut abah. loba kan belutna abah 

Abah : Lola-loba. loba ka belegugna sia mah. newakan loba oge anu eta eta keneh dasar si borokokok yeh kabayan coba dengekeun yeh ari ngala belut mah lamun geus meunang gebotkeun karak asupkeun ka kobakan. ingetkeun pokonamah lamun meunang langsung gebotkeun nya. ari kitu carana mah moal bisa dahar atuh eweh laukna geus jeng uyah weh dahar ayena mah.

Kabayan : oh kitu ari geus meunang langsung gebotkeun siaplah abah lamun kitu mah sabari seuri teh.

Carita diluhur masih nyambung ka Si Kabayan Ngala Supa

Abah : Pas poe isukan nana kabayan maneh mah teu bisaeun ngala belut teh eyy kos budak bae sagala nyieun kobakan lamun ngala impun percaya abah mah kamaneh bisa meunang loba. coba ayena mah maneh ngala Supa, mengpeung keur musim supa bawa sing kaloba nya supa na ulah loba -loba siga ngala belut di jiwir irungna lamun kitu deui.

Kabayan : Atuh kumaha abah ari rejeki mah ti Alloh Taala lamun can meunang belut mah lain rejeki. ( ari ibadah namah getol ngarti, tapi di pigawe mah balakaciweuy keneh) iya atuh kabayan arek ngala supa ayena. berangkat we sikabayan teh ka kebon sabeulah bari jeung leumpang na alon-alon siga kompeni anu arek perang wae, supa, supa, dimana maneh supa, cek sikabayan teh. teu lila manehna langsung manggih supa Bodas gede persis sagede piring buledna. teu lila langsung ka inget pesan abah na kabayan pokona mah lamun meunang langsung gebotkeun. langsung eta supa nang nyabut teh di gebotkeun harita keneh, teu lila leumpang kahareup aya deui supa di gebotken, meunang deui gebotkeun deui nepi keun ka numpuk eta supa barubuk da gebotkeun bae. ( padahal mah anu di gebotkeun teh sa ukur jang ngala belut wungkul ) teu lila balik we si kabayan teh, bari jeung gogorowokan abah, abah, meunang loba iye supa teh mantep gebotkeun geus loba lah abah hayu ka kebon.

Abah : Naon kabayan garandeng siah gogorowokan kitu kos di leuweung bae di imah iye teh. mana supa na sia mah nyieun gawe lain langsung di bawa iyeh supa na, hayu atuh ka kebon urang bawa, sasampena di kebon si abah nanyakeun Kabayan mana supa teh 

Kabayan : tuh na itu di payunen abah sakedap deui abah na maju tah na eta supa na

Abah :  Subhanalloh ari sikabayan iye supa apa pasir ko nararumpuk barubuk kieu supa na kabayan aduh aya aya wae silaing mah kalakuan teh ya Gusti Anu Ageung, cing abah arek nanya silaing tadi ngala supa kumaha kabayan

Kabayan : kan basa kamari saur abah pokona mah lamun meunang langsung gebotkeun nyah.  tah eta tingali ku abah supa na entos di gebot-gebotkeun ku saya abah, loba kan supa na abah hebat atuh kabayan kan abah sabarai seuri.

Abah : Loba-loba loba naon siah barubuk kieu hebat naona deui iye mah supa bubuk di asakeun oge da bubuk dasar balakaciweuy, silaing iraha rek bisana di pigawe teh. maksudna di gebotkeun teh saukur ajang ngala belut wungkul kabayan, Ari ngala supa mah wadahan we kana Peci abeh teu barubuk, cik sing ngarti ari abah ngomong teu ulah muhun-muhun tapi teu ngarti.

Carita diluhur masih nyambung keneh ka Si Kabayan Ngala Tutut

Abah : Ari si kabayan ku naon atuh ari dipigawe teh meni kabina-bina pisan teu ngartina ti poe harita ngala belut salah ngala supa salah iraha arek benerna iye anak abah teh, Kabayan, Kabayan kadieu coba ayena pang ngalakeun tutut nya ajang tuang ke siang, jig pang ngalakeun sina loba sing bener maneh ngala tutut na.

Kabayan : Muhun abah, singkat carita teu lami sikabayan mangkat kasawah sabari nganggo samping sareng peci lengkap persis jalmi anu bade solat ka masjid. di perjalanan ngan malaweng we bari mapah teh da ti awal oge hoream males bin kedul tea dititah ku abah na, mapah jeung mapah teu teurangen padahal iye entos nyampe galengan sawah saking ku malaweung na eta sikabayan tigabrus kasawah GABRUSS harita keneh langsung rewaseun eta sikabayan, saurna geningan ges nyampe sawah deui nya. bari bingung barelok kuletak awakna. teu lami kapikiran abah na di titah ngala tutut. teu mikir panjang deui sikabayan langsung ngalaan eta tutut anu pabalayah disawah cokot kadie cokot kaditu nyampe entos pinuh dina dua panangan nana ngarasa bingung eta sikabayan, bingung kuwadahna iye tutut wadahna kana naon hadeh tadi poho teu mawa ember deui, eta sikabayan neangan wadah jang tutut bari culak cilek kaharep katukang kaluhur kahandap Plek weh pecina ragag kana cai atuh baraseh saurna. teu loba mikir kabayan langsung eta tutut anu nang ngalaan tadi di wadahan kana eta Peci. bari jeng ngalaan deui nepikeun kapinuh eta tututna sampe teu kawadahan da teu muat na peci. langsung balik kaimah sabari gogorowokan ka Abah jeung ninina Abah... nini... iye tutut ye loba pisan sok di asaken ngan ulah poho bagean kabayan nyah

Abah : iyuh silaing mah kunaon na peci kitu ngalatutut teh, peci mah wadah sirah, tutut mah pake ember dasar siborokok, gera mandi silaing meni ngajubel kitu siga munding disawah. kumbah tah awak jeng seuseuhan sakalian tah bajuna kabayan. terus kabeneran harita keneh si nini entos nyien bumbu cabe, koneng, sereh jeng daun salam dina kekenceng, di kumbah eta tutut kunini langsung diasaken harita keneh.

Kabayan  : Muhun iye oge bade ibak abah, bari jeng leos ka kamar mandi eweh caina eleuh eleuh nimba deui atuh cek sikabayan teh, saking ku lilana eta mandi sabari nyeseuh, tutut namah tos asak tos di kecrokan ku abah sareung nini na. begitu beres mandi Abah kumaha tutut teh tos asak mau atuh kabayan abah.

Abah : walah kabayan hampura abah jeung nini nya tutut teh seep euy atuh mani sedap kabina abah oge masih hayang keneh ke pang ngalakeun deui nya isukan kabayan sing kaloba loba ti anu ngala tadi.

Kabayan : bari jeung pundung rada sewot haduh abah mah kitu kabayan anu ngalana malah abah anu tuang na aduh aduh aduduh karunya teuing..

Abah : geus atuh ulah ngambek ke isukan ngala deui kasep, nyaho teu kabayan iye teh malam minggu jig apelan si iteung,  bisi aya anu ngapelan lamun teu di apelan mah

Kabayan : Iteung si iteung abah bari seuri sikabayan muhun atuh abah besok ngala tutut deui ayena kabayan bade apel ka Iteung sabari seuri teh

Abah : sok atuh gera mangkat apel kaditu

singkat carita sikabayan berangkat we ngapel ka bumi si iteung make setelan baju koko sareng peci sareng calana panjang. sasampena di rumah iteung, ngetok panto Assalamualaikum Iteung sampe 3x nyebut na. teu lami dibuka ku si Iteung pantona.

Iteung : Waalaikum salam eh kang kabayan, kumaha damang sabari senyum

Kabayan : Iteung muhun kang kabayan damang iteung, iteung sehat nya Geulis euy Iteung Bari seuri kabayan teh

Iteung : Ah kang kabayan ngarayu bae, atuh antosan sakedapnya mangga calik heula bae iteung bade kadapur heula, kadapur nyandak susuguhan cai teh amis, Kopi, sareng susu, teuing memang rame suguhan nana, terus ngaluarkeun tutut sareung Sukro anjena.

Kabayan : Teu lami ngantosan si iteung kadapur sikabayan kaget, susuguhan nana loba pisan keur kabeneran suguhan tutut deui da tadi kaseepeun ku abah sareng nini na, lengkap eta tutut di cabean kunyit jeng sereh salam. da sikabayan mah isinan sabari nanya di jero hatena kumaha iye cara ngadahar tutut, di kecrok isin kubapana iteung bisi disangka ciuman, di geremus jeung cangkang tututna moal bisa bisi raheut, jeung iye kumaha deui ngadahar sukro cukrak cakruk arera asana teh. mendingan di wadahan di daharna di imah cek sikabayan teh. Prak weh pikiran alusna kaluar nitah ka iteung. Iteung kang kabayan nyuhunkeun cai herang nya hoyong eueut. ( cek si iteung di jero hatena eta cai pinuh malah menta deui rada gideg sirahna) leos we kadapur iteung teh. pas si iteung kadapur sikabayan beraksi eta tutut di wadahan kana Pecina jeung dipake keun eta peci kanah sirahna oge, sareng sukro di wadahan kana kantong dadana na baju koko,

Iteung : Sok atuh di tampi kang kabayan suguhan nana punten cuma aya sakie sakie na akang

Kabayan : Muhun bari di legukan cai herang tadi, teu lami eta sirah ngucur cai bumbu tutut meureun da diwadahan tadi, sigana pake cabe jeung koneng sikabayan kikisikan bae da kana Panon na peurih mereunan,

Iteung : Kang kabayan kunaon eta sirah baraseuh kitu jeng panon kikisikan bae

Kabayan : Saking ku isin na jeung grogi ngajawabna iye akang pas kadieu kahujanan tadi cenah, mereun kapalang sangat isin langsung pamitan we ka si iteung kabayan teh, da teu kuat kikisik bae da peurih panon na. iteung akang bade pamit uih nya bari jeung jongkok sasalaman jeung iteung ari kitu teh Borolo sukro na aa jolan tina kantong baju na sareng Tutut anu di wadahan ka peci nga gubray kahandap babalatak bari jeung lumpat uih ka bumina kocar kacir ninggalkeun ka isinan.

Iteung : Aduh si kang kabayan Lucu pisan kalakuan na tapi Iteung tetep Suka sabari senyum,

Sakali deui Hatur nuhun kunjungan nana mugi kahibur

Tambahan
Sumber : Mamang Asep


Admin,

No comments:

Post a Comment

Berkomentarlah dengan bahasa yang baik dan sopan
terimakasih dan semoga bermanfaat!

JUAL PANGKON BREKET STAMPER KUDA MIKASA MTR 80 085710575024

 Pangkon stamper kuda atau dudukan mesin stamper khusus mikasa mtr 80, yang mau modidikasi ganti mesin pake tipe honda gx 160 ataupun sejeni...